🔔 Dapatkan Template ini Disini dan Ikuti kami di Google News!

KHUTBAH BAHASA SUNDA IDUL FITRI

Teks Khutbah Iedul Fitri Bahasa Sunda, mudah mudahan bisa bermanfaat untuk Sahabat Semua dan berikut Teks Khutbahnya
Please wait 0 seconds...
Gulir ke bawah dan klik Go to Link for destination
Congrats! Link is Generated

Berkaspedia.com - Hallo Sahabat semua, kali ini admin akan membagikan Teks Khutbah Iedul Fitri Bahasa Sunda, mudah mudahan bisa bermanfaat untuk Sahabat Semua dan berikut Teks Khutbahnya :

KHUTBAH BASA SUNDA IEDUL FITRI 

KONCI SURGA MIFTAHUL JANNAH

(KH. Asep M. Tohir Soleh)

اللهُ أَكْبَرُ٩ x
اَللهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً، لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَللهِ اْلحَمْدُ.
ألْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ فَتَحَ لَنَا أَبْوَابَ الْجَنَّةِ فِي شَهْرِ رَمَضَانَ، وَجَعَلَ صَوْمَهُ وِقَايَةً مِنَ النِّيْرَانِ، أَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ أَعَانَـنَا فَصُمْنَا، وَرَزَقَـنَا فَأَفْطَرْنَا، أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، جَمَّلَ نَهَارَهُ بِفَضِيْلَةِ الصِّيَامِ، وَزَيَّنَ لَيْلَهُ بِسُنَّةِ الْقِيَامِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، مِصْبَاحُ الظَّلَامِ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى أٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ حَتَّى الْقِيَامِ، أَمَّابَعْدُ؛
فَيَآ أَيُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ التَّقْوَى. كَمَا قَالَ تَعَالَى: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. 

Ma’asyiral Muslimin, wa zumrotal mu’minin, dinten ieu dinten anu pinuh ku barokah, pinuh ku rohmat Alloh, margi iedul fitri hartosna “ngarayakeun buka puasa” wajib buka sarerea tur haram puasa dina poe lebaran.
Allohu Akbar, Alloh maha agung, ngaguruh handaruan sora takbir di tarikeun dimana-mana, di  kampung, di kota, di unggal desa, di unggal masjid, malah di unggal nagara, ti kawit nagara jepang nu pang wetanna dugika nagara marokko nu pang kulona, ti kawit benua Australia dugika benua Eropa sareng Amerika. Sadayana ngagungkeun Alloh, muji syukur bari suka bungah, jalmi nu teu gaduh wajib dibere zakat fitrah ngarah milu bungah.

اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ واَللهُ أَكْبَرْ،  اَللهُ أَكْبَرْ،  وَللهِ الْحَمْدُ

Urang sadaya terang yen kalimah “La ilaha illalloh” eta bisa jadi konci surga, kalimah tauhid anu ngabedakeun mana jalma mu’min jeung mana jalma kafir. Kalimah anu nangtukeun bisa asup ka surga pikeun nu macana, sakumaha pisaur Kangjeng Rosul;

قالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: فَإِنَّ اللهَ قَدْ حَرَّمَ عَلَى النَّارِ مَنْ قالَ: لَا إلَهَ إلَّا اللهُ، يَبْتَغِي بِذَالِكَ وَجْهَ اللهِ. رواه البخارى .

“Sayaktosna Gusti Alloh parantos ngaharamkeun asup ka naraka ka jalma anu ngucapkeun “La ilaha illalloh” kalayan ikhlas karena Alloh”. (HR. Al-Bukhori)
Kalimah Tauhid tangtos sanes wugkul ucapan, sanes wungkul babasan, tapi kedah disarengan ku kayakinan, tekad dina hate, yen teu aya deui pangeran anging Alloh, teu aya anu hak disembah sabenerna anging Alloh, oge teu aya anu tiasa ngahirupkeun manusa anging Alloh, teu aya anu tiasa ngamaotan anging Alloh.
“La ilaha illalloh” oge ngayakinkeun yen teu aya nu masihan panyakit anging Alloh, teu aya anu tiasa nyageurkeun anging Alloh, nu tiasa ngubaran mah seueur, tapi cageurna wungkul hak Alloh, wungkul kawasa sareng pangersa Alloh.
“La ilaha illalloh” oge ngayakinkeun yen teu aya nu masihan kauntungan anging Alloh, te aya anu masihan karugian anging Alloh, 
“La ilaha illalloh” oge ngayakinkeun yen teu aya nu tiasa masihan jabatan, masihan kaagungan, masihan kakawasaan dunya anging Alloh, Alloh anu maha wisesa, anu anu maha perkasa, Alloh anu maha bijaksana, maha adil maha asih, midamel sagala rupi sakersana.
“La ilaha illalloh” kalayan kayakinan anu kiat, kudu di buktikeun ku kalakuan nu pasrah sumerah, ngabdikeun diri kanu kagungan, ikhlas sareng tawekal, nyeueurkeun ibadah beurang peuting, nandakeun diri hamba Alloh anu di ciptakeun ku Alloh.
al-Hafiz Abu Bakr Ahmad bin al-Husain al-Baihaqi, dina kitab syu’bul iman ngadugikeun “Loba jalma anu ngabohong ku nyebut cinta ka Alloh”, sabab dina buktina amal ibadah jeung kalakuanana jauh tina papagon Alloh, jauh tina kabita ku surga nepika beak waktu ku amal, atawa sieun ku naraka nepika teu ingkah tina tempat ibadah.
Dawuh Alloh dina surat  At-Taubah ayat 24:

 قُلْ إِن كَانَ آبَاؤُكُمْ وَأَبْنَآؤُكُمْ وَإِخْوَانُكُمْ وَأَزْوَاجُكُمْ وَعَشِيرَتُكُمْ وَأَمْوَالٌ نِ اقْتَرَفْتُمُوْهَا وَتِجَارَةٌ تَخْشَوْنَ كَسَادَهَا وَمَسَاكِنُ تَرْضَوْنَهَا أَحَبَّ إِلَيْكُم مِّنَ اللهِ وَرَسُولِهِ وَجِهَادٍ فِي سَبِيلِهِ فَتَرَبَّصُواْ حَتَّى يَأْتِيَ اللّهُ بِأَمْرِهِ وَاللهُ لاَ يَهْدِي الْقَوْمَ الْفَاسِقِينَ 

“Bejakeun ku anjeun ka sakabeh mu’minin; “Saestuna lamun bapa-bapa aranjeun, anak-anak aranjeun, pamajikan, dulur-dulur jeung kabeh karabat, harta anu ku aranjeun di kumpulkeun, dagangan anu dipikasieun rugina, katut imah aranjeun anu dicicingan, eta kabeh leuwih dipikaresep batan cinta ka Alloh jeung ka Rosul batan jihad di jalan Alloh, maka dagoan siksaan jeung balesan ti Alloh anu bakal datang, jeung Alloh moal mere pitulung ka jalma-jalma anu pasek teu taat ka Alloh”.
Hadirin anu dimuliakeun ku Alloh.
Kuduna mah lapad anu di pake zikir teh nyaho kana hartina, apal kana ma’nana, malah faham eusi nu sabenerna, supaya nambah khusyu’ nambah sampurna, sabab dina kalimah arab aya kalam hakeki aya kalam majazi, 
Lapad “La ilaha illalloh” di ucapkeun ku letah, di tekadkeun ku hate, wajib dibarengan ku rasa cinta ka Alloh, mahabbah jeung rasa deukeut jeug Alloh, wungkul Alloh anu tiasa masihan pitulung, wungkul Alloh anu tiasa masihan kasehatan, kauntungan, kedudukan, pangkat jeung jabatan, wungkul Alloh anu masihan kabagjaan dunia jeung akherat. Ulah aya anu dipikaseiun anging Alloh, ulah aya anu dipiharep anging rido Alloh, ulah aya nu digugu parentah jeung laranganana anging Alloh.
Tur kayakinan eta di buktikeun ku ngalobakeun amal ibadah, ngalobakeun istigfar, ngadu’a, sholat sing sampurna, sing kabawa syarat jeung rukunna, tambahan ku sholat rowatib, qobla jeung ba’da fardu, ditambah duha jeung tahajud, witir jeung awwabin, biasakeun witir tiap peuting  nuluykeun nu biasa dina romadon bada tarowih. Sabab sholat witir kalebet sholat anu paling digumatikeun ku Kangjeng Rosul.
In sya Alloh ku ngalobakeun amal hade bakal otomatis amal goreng jadi ngurangan, moal pati hayang laku dosa, bakal era migawe ma’siat. Mudah-mudahan tiasa istiqomah di sasih-sasih nu bade sumping.
Hadirin Rohimakulloh.
Di satiap bulan Romadhon, sering ngadangu bahkan aya nu tos apal kana kasauran Kangjeng Rosululloh saw;

إِذَا دَخَلَ رَمَضَانُ فُتِّحَتْ أبْوَابُ الجَنَّةِ، وغُلِّقَتْ أبْوَابُ جَهَنَّمَ، وسُلْسِلَتِ الشَّيَاطِينُ.

“Dina bulan romadon panto lawang surga di bukakeun, panto lawang naraka ditutupkeun, syetan-syetan dibelenggu di rangket” (HR Al-Bukhori dan Muslim).
Memang kitu kautamaan bulan romadon, setan dibelenggu, surga dibuka, naraka ditutup, hartos nu sabenerna; setan dibelenggu lain teu bisa ngagoda manusa, da buktina geningan loba manusa nu teu bisa nahan lapar, loba nu ma’siat jeung laku dosa, padahal arapaleun kana bulan romadon. Dibelenggu hartosna secara majazi; yen jalma mu’min aya kakuatan, boga kamampuan pikeun ngalawan setan, ku puasa jadi bisa nahan ma’siat, ku puasa jadi kuat ku gogoda, ku puasa hiji jalma semangat kana ibadah.
Lawang surga diubuka, lawang naraka ditutup, secara majazi hartosna; sajaba aya semangat beramal, oge pahala jeung ganjaran dina bulan romadon di tikel-tikel, ku pedah keur puasa jadi sababaraha tikel, maka sarua jeung mukakeun lawang surga.
Lawang naraka ditutup, hartosna; kasempetan pikeun ngalakukeun dosa dipersempit, migawe dosa dina bulan puasa loba nu ngurangan, maka sami jeung nutup jalan ka naraka.
Kumargi kitu bakal hanjakal pisan jalma anu lalawora dina bulan romadon, hanjakal pisan nu teu kungsi milu tarawehan, teu milu tadarusan, komo nepika teu zakat fitrah mah. Sabab sarua jeung teu ngamanfaatkeun lawang surga nu ngemplong, tapi teu kudu putus asa, sabab dina bulan syawal disunatkeun puasa 6 dinten, supaya jadi 36 dinten jeung romadon, sabanding jeung 360 dinten dina sataun, maka jalma anu nambahan deui puasa 6 dinten dina bulan syawal sami sareng puasa sapanjang taun.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh!!
Aya hiji hadis anu ngajelaskeun yen aya deui amal-amalan pikeun ngetrok panto surga, dawuh Kangjeng Rosululloh saw;

أَيُّهَا النَّاسُ، أَفْشُوا السَّلَامَ وَأَطْعِمُوا الطَّعَامَ وَصِلُوا الْأَرْحَامَ وَصَلُّوا بِاللَّيْلِ وَالنَّاسُ نِيَامٌ، تَدْخُلُوا الْجَنَّةَ بِسَلَامٍ. رواه بن ماجه

"Wahai sakabeh manusia! sebarkeun salam, bagikeun dahareun, sambung baraya ku silaturahim, tuluy sholat tengah peuting dina waktu kabeh manusa keur talibra, maka aranjeun bisa asup ka surga kalayan aman” (HR. ibnu Majah)
Kangjeng Rosul dina waktos sumping ka Madinah nagdugikeun amanat ieu;
Kahiji, Sebarkeun salam, baca “Assalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakatuh”. ieu salam kudu dijaga sing nepika jadi tradisi, iraha wae pendak jeung dulur nu muslim deui ucapkeun salam.
Salam, hartosna kasalametan, rukun damai sejahtera, sadaya umat islam dimana wae ayana wajib ngadugikeun perdamaian, kasalametan, boh ku ucapan atawa ku kalakuan, sabab ngadu’akeun salamet ka batur mangrupi salahsahiji cabang iman. Jeung dilarang seorang muslim migawe karuksakan, papaseaan, silih baeudan, silih suntrungkeun kana picilakaeun, anu matak ngahalangan kana asupna ka sawarga.
Kadua, kudu daek barang bere, utamana mere dahareun kanu lapar, sabab teu ka asup mu’min anu sampurna dimana manehna wareg, sedengkeun tatanggana kalaparan, ku ayana puasa romadon urang sing tiasa ngaraoskeun kumaha karasana ari jalma anu lapar, anu haus, anu teu manggih dahareun?, malah sanes wungkul lapar kosong beuteung, tapi wajib diperhatikeun deui jalma-jalma anu kosong elmu kosong kabisa.
Katilu, kudu silaturahim, sing nyaah ka baraya jeung ka tatangga, sing kersa silih longok silih anjangan, supaya timbul rasa nyaah jeung tanggung jawab, malah aya sababaraha manfa’at tina silaturahim diantarana;
1) manjangkeun umur jeung nambihan rizki, 
2) ditebihkeun tina azab neraka, 
3) bisa jadi ibadah pikeun deuheus ka Alloh SWT, mun dilakukeun karana Alloh.
4) bakal timbul harmonis, sauyunan dina kahirupan natangga jeung duduluran,
5) ku silaturahim bakal ngajadikeun manusa anu pang mulyana payuneun Alloh.
Maka momentum Idul Fitri ayeuna manfaatkeun ku urang sadaya pikeun nepangan para sepuh, boh ibu rama, mamang uwa, aki nini, alo-alo jeung baraya, tatangga jeung mitra kerja, babaturan sa kantor, kawan sa pagawean, silih lubarkeun kasalahan, silih ridokeun nu kapilaraan, dugika silih  du’akeun supados sadaya aya dina rido Alloh, ayakeun pertemuan-pertemuan, halal bihalal sa bani, halal bihalal di tempat kerja, pikeun ngaraketkeun silaturahim bari nambihan amal.
Ka opat, anu bisa jadi konci surga di akherat nyaeta Sholat peuting, boh witir boh tahajud, atawa disebut qiyamullail, sabab amal anu pang terehna di ijabah adalah sholat peuting, Alhamdulillah dina salebet sasih romadon teu kalangkung witir, mudah-mudahan teu kakantun tahajudna, mudah-mudahan deui sing tiasa istiqomah ka payunna.
Sabab tujuan utama puasa romadon nyaeta ngalatih diri dina kahadean, sina jadi mu’min muttaqin, pinuh ku amal soleh, menebar kebajikan sareng kedamaian, peduli kemiskinan, manfaat kanggo lingkungan. Mudah-mudahan dipasihan kaistiqomahan.
Hadirin Rohimakulloh.
Urang nyuhunkeun ka Alloh azza wajalla, mudah-mudahan urang sadaya dipasihan kakiatan kanggo ngajalankeun tugas sadidinten, ti kawit sholat awal waktu bari berjama’ah, sholat rowatib, sholat witir, duha tahajud, istiqomah neras salamina, tiasa mere maweh zakat fitrah, sodakoh jariyah, tanggel waler kana agama sareng kamajengan umat islam sadayana, amin.
Oge, urang sadaya nyuhunkeun ka Alloh, mugi urang sadaya dipasihan kasehatan, parek rejeki anu halal jauh tina balai picilakaeun, dipasihan kedamaian, katengtreman, hirup sauyunan, teu aya pacengkadan papaseaan, tiasa babakti ka sesepuh, tiasa nganteurkeun para putra putu kana kasuksesan lahir batin, manfaat kanggo agama sareng nagara, amin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ, وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَاسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Khutbah ka dua

اللهُ اَكْبَرْ (٧×) اللهُ اَكْبَرْ كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً، لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ، اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ فَصَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتَمِ الْأَنْبِـيَاءِ وَرَسُوْلِهِ، وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ اسْتَقَامُوْا فِي نُصْرَتِهِ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ.
فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَزَجَرَ، وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَـنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيّن، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلُ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ، وَسُوْءَ اْلفِتَنِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. 
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَر وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.  .
KHUTBAH BAHASA SUNDA IDUL FITRI

Penutup

Sekian Penjelasan Singkat Mengenai KHUTBAH BAHASA SUNDA IDUL FITRI. Semoga Bisa Menambah Pengetahuan Kita Semua.Semua.👋

Apa Reaksimu setelah membaca KHUTBAH BAHASA SUNDA IDUL FITRI.

About the Author

Terimakasih Saya Ucapkan telah mengunjungi website saya, Semoga SobatTerhibur....

Posting Komentar

Cookie Consent
We serve cookies on this site to analyze traffic, remember your preferences, and optimize your experience.
Oops!
It seems there is something wrong with your internet connection. Please connect to the internet and start browsing again.
AdBlock Detected!
We have detected that you are using adblocking plugin in your browser.
The revenue we earn by the advertisements is used to manage this website, we request you to whitelist our website in your adblocking plugin.
Site is Blocked
Sorry! This site is not available in your country.
close